Drama Bahasa Sunda : Cinta atawa Sahabat?
NASKAH DRAMA BAHASA SUNDA
CINTA ATAWA SAHABAT?
Diajukeun kangge Memenuhi salah sahiji tugas Pangajaran Bahasa Sunda
Tahun Ajaran 2018/2019
Ku :
• DESTIANI
• NESA FEBRIYANI
• NURA NURAENI
• RINA AMITA
• ROIHAN KHOIRIYAH
• SARAH NURLATIFAH
XII AKUNTANSI 2
KOMPETENSI KAAHLIAN AKUNTANSI
SMK NEGERI 6 GARUT
▪▪▪
CINTA ATAWA SAHABAT?
Diajukeun kangge Memenuhi salah sahiji tugas Pangajaran Bahasa Sunda
Tahun Ajaran 2018/2019
Ku :
• DESTIANI
• NESA FEBRIYANI
• NURA NURAENI
• RINA AMITA
• ROIHAN KHOIRIYAH
• SARAH NURLATIFAH
XII AKUNTANSI 2
KOMPETENSI KAAHLIAN AKUNTANSI
SMK NEGERI 6 GARUT
▪▪▪
CINTA ATAWA SAHABAT?
Dina hiji waktu basa keur istirahat sakola, Roihan, Nessa jeung Destiani keur aya di kantin Smk Negeri 6. Nu mana katiluna teh sahabatan, biasana maranehna sok opatan kamana bae teh. Namun, salah sahiji babaturanna duka kumaha, Tiba tiba ngajauh, Katiluna ayeuna nuju ngomongkeun si eta jelema.
Destiani : Babaturan maneh tuh nya. Pikasebeuleun pisan! Jiga anu teu boga hate. Keur susah ka aing, bahagia ka batur (bari keur dahar seblak)
Nesa : (jeung sok bijak) Ngarana oge jelema. Teurang kalakuanna kumaha. Mana aya jelema anu rela paeh demi nyalametkeun baladna tina amukan maung.
Destiani : geleuh ka jelema nu kitu teh Ness aing mah.
Roihan : (Minggirkeun buku anu ker di baca) Sabar Des. Mungkin Sarah leuwih bahagia jeung baabaturanna nu ayeuna daripada urang mah. Positif tingking baelah.
Nesa : nya. Mungkin bae lah (bari nyo’o hp)
Destiani : Ih. Kumaha sih maneh? Teu kesel naon? Urang geus babarengan salama 2 tahun! Ti awal asup sakola ieu, usumna budak alay nepi ka si bowo jeung nuranni jadi viral karana hal bodoh. Nyeri hate dede, nyeri!
Roihan : eh, eh, eh... jelemana kadieu tuh (bari nunjuk ka tukangeun Destiani jeung Nessa anu nukangan panto asup kantin)
Destiani+Nesa : Mana (Bari ngalieuk)
Roihan : itu. Di tukang baso ikan (Masih lengenna ka luhur. Nunjuk eta jelema tanpa kanyahoan)
Masih di tempat anu sarua, datang tilu awewe ka jero kantin bari bibirna teu repeh nyaritakeun ka bogoh salah sahji babaturanna anu saorang youtubers.
Rina : kabogoh maneh dimana ayeuna sar?
Sarah : Biasalah, kabogoh urang mah tara aya di lembur. Manehna ayeuna keur di jogja (Ngantri di tukang baso ikan)
Rina : nyinaon? Jadi tukang nyapu di borobudur? Ahaha...
Nura : ahaha.. he’euh Sar. Nyinaon di jogja? Ahaha.. maenya atuh jauh-jauh ka jogja ukur jadi tukang sasapu di candi doang. Ahaha...
Sarah : (pipina beureum. Nahan amarah) ngeunah wae maneh ngomong. Sori nya. Kabogoh urang di jogja keur suting. Suting jang youtubna engke.
Nura : suganteh sasapu di candi. Padah we atuh pan di candi loba tangkal, bisi bala ku daun. Jadi ku kabogoh maneh di sapukeun. Hampura atuh hampuraa. Dedek teu nyaho. Soalna Hannan teu bebeja ka jogja jeung sahana.
Rina : Rana oge teu nyarita nanaon. Eh. Blegug siah. Apan lamun Hannan jeung Rana ka jogja otimatis si Rizal oge bakal ngilu atuh. Maranehna kan moal bisa di pisahkeun, kaya urang ayeuna (Panonna ninggali ka arah Destiani, Nesa jeung roihan anu keur melongkeun ka arah manehna)
Nura : nya enya atuh. Orang manehna tiluan sa-projek bareng dodol (Nura ngajitak mastaka Rina. Tanpa nyaho lamun Rina nyarios kitu teh bade nyindiran babaturan sarah anu baheula)
Rina : Naon maeh ngajitak sirah aing?
Nura : Teu sengaja Ndoro. Maafkeun kajeng Mamih ieu! (Badanna bungkuk. Jiga hormat lamun dina Drama korea mah)
Rina : Gelo maneh Nura.
Nura : Ahahaha...
Rina : Sar ngeus can? Ka kelas yuk. Hoream cicing di dieu mah. Sumpek!
Nura : Cusss..
Rina : Lain kamaneh blegug!
Tiluanna ka luar ti kantin bari bawa karesek hideung di leungeunna masing-masing. Nyisihkeun katilu awewe geulis anu diuk teu jauh ti katiluna tadi bari mandang katilu jelema tadi ku pandangan anu moal bisa di artikeun. Kieu tah rasana ngarasa sorangan di tengah karamean? Sepi di tengah suasana ricuh?!
Bel asup sakola tos di sadakeun. Sadaya siswa anu aya di kantin asup deui ka kelasna sewang-sewangan. Belajar deui asaatos ngaistirahatkan ottak. Henteu katinggalan katilu awewe tadi.
Nesa : Geus bel tuh. Asup ka kelas yuk. Daripada maneh edan didieu Desti. Yu han (Nessa ngajak Roihan sareng Destiani supados rengse ka kelas)
Roihan : Enya yuk Desti. Ulah di pikiran wae, bisi edan. Antepkeun bae sih, ke lamun manehna butuh urang oge bakalan datang deui ka dieu sorangan. Ulah sedih kahilangan hiji babaruran, karana 1000 jelema di luar ditu hoyong jadi rerencangan anjeun. Sabab, aranjeuna terang, naon arti persahabatan anu benerna.
Nesa : (keprak) Ieu lah incuna Mario Teguh. Roiha Teguh, ahaaha... nya kan Han?
Roihan : Sanes incu. Tapi incu, incu, icu ti incuna Mario Teguh. Buru ah, kaburu guru asup ka kelas.
Destiani : Yuk atuh ah, nyinaon ngobrol bae. (Destiani ngambek)
Kaayaan ruang kelas ayeuna bener-bener kacau. Guru pelajaran matematika acan asup ka kelas, ngajadikeun suasana kelas ieu, teu leuwih jiga pasar rebo. Sarah, anu biasana diuk jeung Destiani ayeuna jadi ngagabung jeung babaturan anu anyar lamun euweuh guru teh. Asik seserian, ngobrolkeun kabogohna. Teu kungsi lila, datang guru piket. Nyampekeun tugas anu kudu di kerjakeun sacara kelompok, di kumpulkeun poe eta oge, sakelompokna aya 4 jelema. Teu kurang teu leuwih. Sabab, Jumlah murid kelas XI Akuntansi 2 emang genap. 32 jelema.
Nesa : Siapkeun meja na daks. Saperti biasa be nya. Tiluan we ayeuna mah.
Destiani + Roihan : Sip
Saatos ngarapihkeun meja jang diskusi. Katiluna mulai larut kana tugas anu kudu di kerjakeun. Nyampe teu sadar lamun Sarah geus diuk di gigireun Nessa, bari panonna teu leupas dina layar datar laknat eta. Bibirna melengkung, bungah.
Roihan : Nes, anu no 4 di kumahakeun tah carana? Ti luhurna mah atos bener, naha hasilna sakieu? (Roihan tanggah. Ninggali ka arah Nessa anu aya di hareupeunna) Nyinaon didieu Sar? (Tanyana ka Sarah)
Destiani : (Ngadenge ngaran Sarah di sebut. Desti nutup buku paketna, panonna beureum melong ka arah Sarah. Nahan emosi oge nyeri hate) Nyinaon ngana didieu?
Sarah : (Ngarasa di tanya. Hpna di tendeun kana luhur meja. Manehna nangtung) Ari maneh kunaon Desti? Biasana oge urang didieu pan jeung maraneh lamun aya tugas kalompok kieu?
Destiani : (Bari seuseurian) Biasana kan? Biasana. Ahahah... Ari maneh kamana wae salama ieu hah? Mana babaturan maneh anu ayeuna? Naha teu jeung itu? Inget gening maneh ka dieu lamun itu geus teu butuh maneh.
Sarah : (Ngagebrak meja) Kunaon maneh? Jiga anu ngahindar pisan ka urang teh. Kunaon? Biasa we eta beunget na atuh.
Nesa : Heh. Urang dek nanya. Sabenernya, saha nu ngahindar saha didieu? Sori. Urang teu ngahindar ti maneh, tapi maneh nu ngahindar ti arurang. Abong geus boga sobat baru. Sobat heubeul di campakkeun.
Sarah : Ari sia kunaon Nesa? Sirik maneh ka aing hah? Ngomong lamun sirik mah. Ngomong! Lain berani di tukangeun hungkul (Sukuna najong meja, nimbulkeun kagaduhan. Nepi Rina jeung Nura nyamperkeun, sadar ngaranna di babawa tadi)
Nura : Kunaon ieu? (Teriakna)
Rina : Kunaon Sar?
Sarah : Teuing tuh sampah masarakat! (Panonna molotot ka arah Nesa, Destiani jeung Roihan)
Sadayana jelema anu aya di kelas cicing nguping cariosan sarah anu terlalu frontal. Teu aya anu berani ngaluarkeun sora. Komo kana misahkeun mah. Destiani geus ceurik. Diuk dina teras tiis kelas, ngadenge sahabatna ngomong kitu. Naon maksudna sampah masarakat? Hatena nyeri. Salama 2 tahun, Destiani jeung kabeh babaturan karek ayeuna ngadenge Sarah ngomong kitu.
Roihan : Istigfar Sarah. Ulah nyarios kitu, teu baik awewe nyarios kitu.
Nura : ngemeng naon sih Han? Cicing bae sih budak leutik mah.
Rina : Nyaho! Kunaonna boa.
Nura : Geus sih Sar. Ngeleh, antepkeun jelema kitu mah.
Rina : Betul, betul, betul (Gaya Upin&Ipin)
Nura : Cicing Rina. Bisi ku urang di kadek maneh.
Roihan : Sar. Lamun maneh aya masalah jeung arurang sok coba carioskeun anu bener. Sanes kieu carana. Tinggal, sadayana rerencangan ninggal ka dieu. Sarah teu isin naon?
Sarah : Ngomong? Kumaha urang dek ngomong lamun maranehna sibuk kana urusan masing-masing? Urang butuh hiburan, urang stress. Kamana maraneh? Sugan nanya, da henteu atuh. Urang nyeri, urang kasepian salama ieu. Urang.. hiks.. hiks.. (Sarah ceurik)
Nesa : Sar, Sarah (Pananganna bade nyepengan panangan sarah, namun di tepis ku Rina)
Sarah : Kunaon cicing? Ngarasa maneh salah? Ness... Cuma aya Rina sareng Nura anu aya keur urang ngarasa sedih. Maraneh kamana? Hah?!!
Destiani : Sarah!
Sarah : Cicing maneh Des. Maraneh kur ngarusak reputasi urang. Urang geus nang hese ngabangun eta reputasi. Maraneh ku watadosna, ngarusak reputasi urang ku kalakuan maneh! Ngaca lah!
Nesa, Destiani sareng Roihan nangis nguping cariosan Sarah. Salama ieu, Sarah kaasup pribadi anu alus tutur katana. Namun ieu? Sapertos sanes Sarah!
Sarah : Nyesel urang babaturan jeung maraneh. Nyesel. Brengsek dasar! Brengsek (Jiga anu kasurupan. Sagala barang anu caket sareng pananganna di alungkeun ka arah Destiani, Nessa sareng Roihan anu atos ngampar dina teras bari tangkeupan. Nutupan cai panon anu kaluar tina panonna masing-masing)
Nura : Atos yuk. Kaluar. Isin didieu mah di tinggal ku rerencangan senes. (Nura mapay Sarah anu atos pinuh ku cai panon, kaluar kelas. Misahkeun ti Nesa, Destiani sareng Roihan)
Sapaninggal Nura, Rina sareng Sarah ti kelas. Sadayana anu nyaksikeun, mandang Nesa, Destiani, Roiha ku pandangan remeh, emosi sareng ngahujat. Katiluna tangkeupan. Nguatkeun diri sorangan-sorangan.
Nesa : Atos nya. Atos. Mungkin urang sanes balad anu leres kanggo Sarah. Atos. Ulah nangis wae. Atos! (Ceurik sesegukan)
Destiani : Sarah Nes, balad urang...
Roihan : Muhun Des. Sarah teh balad urang kamari mah. Nessa leres, kajadian ieu sanes salah Sarah sautuhna. Tapi urang oge salah. Urang salah henteu merhatikeun Sarah, urang sanes balad anu leres. Urang sanes balad anu nyandak Sarah kanu kabahagiaan. Intropeksi diri. Kajadian ieu pasti aya hikmahna.
Nesa : Iklaskeun Sarah. Antepkeun Sarah sina nyandak kabahgiaanna nyalira. Sanes sareng urang, tapi sareng batur.
Katiluna ngaikhlaskeun Sarah sareng rerencanganna anu anyar. Karana Sahabat anu sabenerna nyaeta sahabat anu bisa nyiptakeun rasa bungah dina diri sahabatna sorangan lain kasedihan.
Teu aya anu sampurna di dunya iwal ti Gusti Allah. Sadanya pasti gaduh kakurangan atau kalemahan tea. Kitu oge sareng anu namina persahabatan. Teu aya anu abadi, pasti bakal aya anu hancur. Boh karana atos teu sasarengan deui atanapi ku waktos. Waktos tiasa ngarubah rencana jelema ukur hitungan detik. Jadi, Ulah sagala sasuatu di hatean ku urang. Ulah nepi pas urang ngarasa kahilangan, urang hancur. Sanes kitu.
Aya tilu koncina kahirupan ; Jalankeun, Pake parasaan lamun urang dek ngalakukeun sasuatu jeung Nikmati naon atos ku urang kenging.
-TAMAT

Komentar
Posting Komentar